Home » , » Cara nyieun blog

Cara nyieun blog

 Ceuk nu can boga blog mah nyieun blog teh hese, nya saperti kuring mimitina mah kitu, kieu salah kitu salah, nu tungtungna mah hayang boga blog teh jadi tunggul harupateun. bisa-bisa soteh pedah we kotakar-koteker neangan link batur anu aya sangkut pautna jeung tutorial masalah blogging tea, geus ngadonglod artikelna tea, geus audio videona tea, wah geus sagala rupa kaasup ka kode widgetna oge dikorehan. Nya tina pangalaman eta ahirna ngahasilkeun bisa nyieun blog teh, bari jeung blogna oge acak-acakan keneh jeung sigana can kasaba ku nu tatamu ka blog sim kuring. Tapi jeung kitu oge, geuning blog teh aya mangfaatna ka diri sim kuring. ayeuna mah saprak boga blog kuring bisa icikibung jeung blogger-blogger nu sejen boh blogger indonesia atawa blogger ti mancanagara, loba pisan kauntunganna salian bisa ngablogger oge bisa nambahan elmu pangaweruh ka diri urang, kiteuh. Kumaha cenah prak-prakanna nyieun blog, dihandap ieu ku sim kuring bakal dipedar. 
Mimitina buka browser, kaduana login ka www.blogger.com. anu katilu daftar ka Blogger, kaopatna ngeusi Data e-mail mun geus boga e-mail yahoo atawa google, kalima ngeusi kolom pasword jeung kageuneup ngeusi kolom data ngaran, tanggal lahir, jeung sajabana nu leuwih jentrena mah tingali gambar-gambar screenshoot nu dipintonkeun ku sim kuring.

 Gambar screentshoot no.1 Daftar blogger
Gambar screenshoot no. 2 Milih ngaran pengguna


 Gambar screenshoot  no. 3 urang ngeusi kecap sandi, eta mah rusiah urang, teu perlu dibejakeun, jieun we anu kira-kira apal.

 Gambar screenshoot no. 4 ngeusi kolom lokasi nagara, mun urang nagara Indonesia, eusi we indonesia, ti dinya pencet seratan " Langkah Berikutnya" hartina teruskeun. 
Tah didinya urang tinggal ngedit template atawa tampilan blog urang, tepi kadieu cara nyieun blog dianggap beres. Antos tutorial salajeungna.