Home » , » Diajar Ngeblog

Diajar Ngeblog

 Ngeblog lain tina basa urang, tepi ka ayeuna kecap blog teh can kapanggih naon harti nu sabenerna, ari website sih tiasa dihartoskeun "situs web" Naon atuh ngeblog teh cik saha nu nyaho..?" Ari ngeblog teh meureun kira-kira nyieun paranti neundeun arsip dina komputer ngaliwatan jaringan internet, boh kakaitan jeung urusan kutrat-kotret, gumbar-gambar atau nyimpen alat anu aya patalina jeung audio video bari jeung eta arsip teh bisa dikanyahokeun ku mangjuta-juta jalma anu aya di sakuliah dunya, jeung sakabeh eta jalma teh srua pisan pacabakanna nyoo komputer kalayan make jaringan, istilah basa deungeunna mah " Network and Networking" kiteuh. Ceuk basa trendna mah internet, heueuh eta keneh, ari network mah jaringanna ari internet mah geus silih kicepan ti kajauhan [tong suudhon] lain maksiat, nya ceuk basa kiratana mah "Internet" hartina aya hubungan timbal balik atawa "Inter" teh "Antara" jeung " Netna" Network. Kitu meureun kira-kira. Kumaha sih ari diajar Ngeblog teh, babari cenah ceuk nu bisa mah. Ngahaja kuring nyoba ngoprek komputer, bener teu babari. Ih eta mah prak-prakanna nyieun blog teh hese pisan. Teu hese kumaha, sapoe, dua poe tepi ka saminggu Blog nu dijieun ku sim kuring teu bijil-bijil, majarkeun teh, gampang nyieun blog mah 5 menit jadi. Ceuk pikir, jadi waduk sia.." padahal nyieun pasword teh geus aya sapuluh mah, eta dina peuting kahiji sim kuring ngan elekesegeng nungguan sugan jeung sugan blog nu dipesen teh jadi, ih lebeng we teu embol-embol. Hese geuning nyieun blog teh, lewih hese tibatan nyieun goreng oncom atawa pais bakatul, imposible pisan ari ngieun blog. Ari disebut Perhap idiotic lain meureun, eta ge geus neangan informasina kanu geus boga blog, majarkeun teh tong neangan nu hese meuli we nu 100 rebu ge aya. Ari ceuk pikir, ih peujeuh meuli pulsa peujeuh meuli modemna ongkoh, kari-kari ieu ngieun blog ge mayar, engke kadituna kumaha...? Hooh ku kitu tea mah kabacana Free 100 peresen alias Haratis cenah, ari pulsa unggal sabulanna nu dibeli ku urang cikan sabraha tah, badag atuh diitung kana sataun mah, terus engke dibayar kitu urang teh, meureun mun dipapantes ku alam khoyalan urang yen propaganda nu aya dina internet hasilna bakal mucekil pikeun urang, nya ari tungtungna mah mung ukur pangaresep wungkul geuning nya.
Ari pangalaman sim kuring mah, mun kuring nulis dina hiji majalah atawa surat kabar dibayar honorna, sabaraha cenah, eta tergantung kualitas jeung kuantitas tulisanna anu oge ditilik tina bobot, tapi teu ngajadikeun bibit rurujit ka diri urang jeung ka batur kiteuh. anu geus pernah katampa ku sim kuring mah, mun nulisna di tingkat daerah atawa regional aya meureun keur meuli baso sapuluh mangkokeun, nya mun tingkatna beh luhur mah meureun onjoy saeutik, kitu meureun kira-kira. Kumaha cenah mun nulisna dina blog, heueuh blogging-blogspot atawa ngaboleger, kadengena mah santer majerkeun teh bisnis internet mah menggiurkan. Ngan kuring mah tepi ka danget ieu, can nyaho carana tah. Nya diteangan dikotektak teuing mah henteu. Lain sombong, gajih geus gede nya panghasilan badag, ngan bedana teh mun gajih gede pangabutuh ge srua gede kiteuh, nya tungtungna mah pangala badag ge beak deui beak deui. Tah eta ari ngaranna hirup teh. Balik deui kana soal blog, eta mah nu sebut blog, beda pisan jeung serat sinerat dina majalah. Istilah blogging mah, ngorbitkeun hiji pasualan di halaman blog disebut " POSTING" tapi dihartikeun dina basa produktif "Posting" mah hartina "Ngasupkeun dina buku Kas" meureun dina basa blogging mah teu kitu hartina teh. nya saolah-olah meureun ngorbitkeun tulisan bisa jadi ngeposkeun ngaliwatan antar jaringan atau internet, kitu meureun kira-kira. Loba pisan unak-anikna ngeblog teh, mirip pisan urang ngetik dina program word atawa bloknote, ngan unggulna internet mah  tulisan bisa dibaca ku batur kalayan teu kudu maca komputer urang, cukup dina jaringan internet tea kituna teh bisa kapanggih rek kumaha mangrupa-rupa tulisan boh dina widang kahirupan tina masalah pendidikan, ekonomi, agama, tatanen jeung sajabana-sajabana, asal apal Link atawa URL-na we, mun ceuk basa urang mah link teh Cukang lantaran, anu bisa nganterkeun urang kanu dituju. Loba pisan geuning istilah blogging teh, aya widget, gadget, kode HTML java script, aya oge kode embeded, aya deui donglod (download), ah balatak we istilah-istilah blogging teh. Tapi samemeh urang ngabloging kudu apal kumaha CARA NYIEUN BLOG, tah engke mah ku sim kuring bakal dibahas ngeunaan masalah blogging ieu, kaasup cara nyieun blog tadi bari jeung saayeunaeun mah sim kuring ge srua masih keur kokoreh keneh, kiteuh. ceuk babasan mah " MOAL NGAKEUL MUN TEU NGAKAL, MOAL NGARIH MUN TEU NGOREH". Wassalam.