Home » , » Pangrojong

Pangrojong

Assalamualaikum wr.wbr, Haturan ti Sim Kuring ka saderek sadayana anu kaparengan lunta atanapi nyasab, langkung ti kitu kersa rurumpaheun ka belog sim kuring anu dipasihan nami " BLOG BASA SUNDA" . Saleresna mah sim kuring teh asa-asa muka belog nganggo basa sunda, Sababna mah Kahiji; kuring teh masih keneh utag-atogna keneh anu ngenaan undak-usuk basa sunda. Benten deui sareng basa Indonesia nu dipake basa nasional, teu loba teuing kecap anu sarwa beda. Nya apal nyalira urang jawa barat teh ngagaduhan rahayatnya nu nyepeng karakterna nu teu sami, umpama sim kuring nu kaleresan nganjrek ti palih kaler Jawa Barat, ih basana oge aya we nu benten sareng basa-basa sunda nu dipinbanda di tatar wilayah nu sanes. Meureun matak kitu ge nilik kana kaayaan hawa nu aya ti wilayah palih kaler panas, mun ka palih kidulna mah tiis, kitu manawi kinten-kinten. Kadua; Memangna oge tatahar ngadamel beloger benten sareng ngadamel program nu sanes umpamana dibanding sareng networking sosial sapertos Facebook, Yahoo, wordpress sareng sajabana, anu disebat bieu teh gampil pisan, asal gaduh code id sareng rehistrasi atos janten we urang lebet anggotana. Katilu; Ari tos gaduh belog mah kedah rancage sareng singset boh tina urusan posting [sanes molopos ti peuting], posting didieu nyaeta ngeposkeun mangrupa hiji seratan artikel atanapi aplikasi dina kaca belog, sesah teu tah ngabeloger teh ?", Nya sesah. Benten deui sareng facebookan anu sagala aplikasi sareng software tos disayogikeun ku anu ngarancang eta Networking Social, matak sagala naon rupa pasti nembongan boh dina status atanapi beranda facebook, endek nu teu luyu jeung hate urang ge pasti katampa ku urang.
  Ari belog mah nanaonna oge kedah nu nataharna oge nu ngadamel belog eta, dina ngadamel template [pintonan belog] oge kedah dirarancang, ti dinya aya Edit HTML, Tata Letak, Posting, Halaman, ah seueur we anu kedah dipidamel, kitu tah ari belog mah. Matak sim kuring mah kahoyong mah mintonkeun beloger teh anu seueur mangfaatna khususna ka sim kuring nyalira, umumna ka balarea anu kaleresan natamu ka belog sim kuring. 
Geuning seueur pisan di internet belog-belog anu ngarugikeun ka masyarakat, umpama aya belog seueur ngalanggar kana tata susila sareng akhlak, pangutamina mah ieu bahaya ka murangkalih sakola nu usiana can dugi kana masa baleg. Apan urang oge anu tos dewasa pikiran, ari tos kapengpeongan belog jorok umpana, komo ka murangkalih anu libidona masih keneh tokcer,  ih eta mah mani unggal peuting di longokan. Nya nu jorok kitu teu di buka ku  urang oge ari prak-prakanna mah dina browser Search Enginering Google oge kadang-kadang mucunghul nu teu pararuguh teh, tah eta gewat we di alihkeun tong sagala ditetep sareng dilenyepan ku urang. Pangrojong ti sim kuring jantenkeun networking sosial ieu kanu aya mangfaatna ka diri urang sareng nu sanesna, Sakieu ti sim Kuring, Wassalamualaikum Wr.Wbr.
April 2013